.
.
.
KURING jigana teu nengetan, yen hirup kuring di ieu kota teh ngan saukur ngumbara, nu mawa sabeungkeut cita, neang kahirupan nu leuwih pikaharti tibatan nalika cicing teu puguh di lemah cai tempat kuring mimiti dimengparkeun ka alam dunya.
Kacida era basa ningali deui poe-poe katukang, sagala hasil tina eta wayah teu beda jeung kalangkang, leungit mun kadatangan ku sagala nu caang mencrang. Jadi hayang nanya bari nampiling ka diri sorangan; na ari sia ka dieu teh dina rangka ulin kitu, darmawisata hahahaha bari jeung asal nyatu? Kuring poho yen sagalana kakara jadi pitunggaraeun mah mun geus karasa nu ngarana hanjakal; na lain ti kamari kuring teh kitu, na lain ti semet poe eta kuring teh kieu, na eta kasempetan make diantep, jeung saterusna nu matak pianjingeun mun dipapay. Inget urang can tangtu masih korejat hudang poe pageto, tapi eta nu ngarana boloho sumpah pikaeraeun mun ditenjo, wal ‘ashr, ampun Gusti!
Teuing jigana mun hirup teh kudu kitu, jelema karek bisa ngimpleng naon sajatina tujuan manehna “a-ya” teh mun geus kateunggeul ku nu ngarana kanyataan. Langit teu salilana biru bulao endah ditenjo, reeuk teu salilana bodas nyacas kawas bubur lemu, poho deui yen hirup teh cakramanggilingan. Nyiapkeun sagalana mun bentar datang hujan kasorang angin ngarewog, eta perkara nu kudu dititenan, sangkan mun aya nanaon teu hariwang, nu tungtungna mah kokolosod ngabaung jiga jalma sarap bari jeung heeuh protes ka Nu Kawasa.
.
.
.
Kuring jadi inget basa poe harita ngiluan pasanggiri di Balai Bahasa, kacida reueusna eta hate meunang, narima hasil tina bobokot kesang meres pikiran, sangkan bisa nenjokeun ka kolot di imah yen kuring teh bisa hirup tina impenan kuring anu pernah ku kolot digembar-gemborkeun bakal piceudeumeun. Tisaprak kuring dalapan kali tutuluyan meunang rengking kahiji ti SD teu meunang nanaon olohok sugan-sugan buku hiji dua mah, teu, ngan saukur piagam nu bisa pupul kacipratan tai cakcak, tuluy SMP nincak ka SMA karek meunang deui eta gelar jawara sakali-kalina, teu meunang nanaon iwal ti sakedar kapait nu katarima, ngan mimiti kuring nincak di ieu Bandung nalika meunang eta piala runner-up sa-Jawa Barat, kacida bungahna kuring. Man jadda wa jada, bener eta paribasa.
Tuluy basa aya deui pasanggiri nu lian, ngabedah cerpen-cerpen di hiji situs guru bahasa, kuring meunangkeun hadiah kahiji ngelehkeun sastrawan nu geus lila jam terbangna, tuluy dikabarkeun deui ka kolot tah ieu hasil tarekah kuring, bari sawareh duitna kop ku kuring dibikeun dina rangka hayang babakti, sawarehna deui bisa dipake ngajajanan babaturan, dua mahasiswi UPI, bari jeung teu loba-loba oge da atoh karasana. Pisan eta hirup karasa produktif, galungan jeung sapopoe. Tapi teuing samet iraha, sumanget kuring endeur. Sagalana sarba teu eces deui jang naon kuring ngalakonan nu kitu deui jeung kitu deui teh, tepi ka ayeuna.
Na kuring aya duriat di ieu tempat ka salah sahiji alamat? Kacida burungna mun heeuh! Jigana kuring kudu ngeunteung deui; na kuring boga naon, neang-neang nu mahiwal?! Leumpang masih can aya saparapat galur, geus meunang naon! Tingali kertas portofolio kahirupan, na geus bolokot ku daptar prestasi?! Teu ecreug mun ngandelkeun comel aksara mah, da hirup teh lain saukur tulas-tulis. Kurung batok mun teu bisa neang buruan nu liyan, matak pantes kahayang nuluykeun kuliah tara pernah kalaksana, da teu gableg kabisa jeung kahayang neang cara.
Ayeuna kuring geus nyoba merdeka tina kahayang nu teu mantes dina umur nu teu walakaya nahan beban eta rasa. Rasa naon? Duriat pipanyakiteun. Naon sabab, kusabab moal salilana nu boga tujuan di hiji perjalanan bakal lila-lila di warteg, nu ngan saukur nginum wungkul.
Geus meujeuhna kuring mariksa deui agenda nu geus lila kaeureun. Geus wayahna nga-re-niat jeung netepkeun jugjug ahir nu kudu dibeunangkeun samemeh dipegat Izra’il di tengah jalan. Leungitkeun eta rasa jeung rumasa, sabab teu pernah diajarkeun silaing sosobatan jeung dunia kitu, kajeun engke sakalian mun geus meunangkeun dunya katut eusi-eusina, hal leutik kitu mah bisa ngilu kabeunangkeun, jeung sangkan bisa jongjon nyanghareupan poe ngabuburit dina katengtreman.
[]
Batununggal, Bandung Tengah, 16 November 2009
Wanci janari.



