Nengetan Deui Lampah Hirup Tisaprak Datang ka Kota Kembang

.
.
.
KURING jigana teu nengetan, yen hirup kuring di ieu kota teh ngan saukur ngumbara, nu mawa sabeungkeut cita, neang kahirupan nu leuwih pikaharti tibatan nalika cicing teu puguh di lemah cai tempat kuring mimiti dimengparkeun ka alam dunya.

Kacida era basa ningali deui poe-poe katukang, sagala hasil tina eta wayah teu beda jeung kalangkang, leungit mun kadatangan ku sagala nu caang mencrang. Jadi hayang nanya bari nampiling ka diri sorangan; na ari sia ka dieu teh dina rangka ulin kitu, darmawisata hahahaha bari jeung asal nyatu? Kuring poho yen sagalana kakara jadi pitunggaraeun mah mun geus karasa nu ngarana hanjakal; na lain ti kamari kuring teh kitu, na lain ti semet poe eta kuring teh kieu, na eta kasempetan make diantep, jeung saterusna nu matak pianjingeun mun dipapay. Inget urang can tangtu masih korejat hudang poe pageto, tapi eta nu ngarana boloho sumpah pikaeraeun mun ditenjo, wal ‘ashr, ampun Gusti!

Teuing jigana mun hirup teh kudu kitu, jelema karek bisa ngimpleng naon sajatina tujuan manehna “a-ya” teh mun geus kateunggeul ku nu ngarana kanyataan. Langit teu salilana biru bulao endah ditenjo, reeuk teu salilana bodas nyacas kawas bubur lemu, poho deui yen hirup teh cakramanggilingan. Nyiapkeun sagalana mun bentar datang hujan kasorang angin ngarewog, eta perkara nu kudu dititenan, sangkan mun aya nanaon teu hariwang, nu tungtungna mah kokolosod ngabaung jiga jalma sarap bari jeung heeuh protes ka Nu Kawasa.

.
.
.
Kuring jadi inget basa poe harita ngiluan pasanggiri di Balai Bahasa, kacida reueusna eta hate meunang, narima hasil tina bobokot kesang meres pikiran, sangkan bisa nenjokeun ka kolot di imah yen kuring teh bisa hirup tina impenan kuring anu pernah ku kolot digembar-gemborkeun bakal piceudeumeun. Tisaprak kuring dalapan kali tutuluyan meunang rengking kahiji ti SD teu meunang nanaon olohok sugan-sugan buku hiji dua mah, teu, ngan saukur piagam nu bisa pupul kacipratan tai cakcak, tuluy SMP nincak ka SMA karek meunang deui eta gelar jawara sakali-kalina, teu meunang nanaon iwal ti sakedar kapait nu katarima, ngan mimiti kuring nincak di ieu Bandung nalika meunang eta piala runner-up sa-Jawa Barat, kacida bungahna kuring. Man jadda wa jada, bener eta paribasa.

Tuluy basa aya deui pasanggiri nu lian, ngabedah cerpen-cerpen di hiji situs guru bahasa, kuring meunangkeun hadiah kahiji ngelehkeun sastrawan nu geus lila jam terbangna, tuluy dikabarkeun deui ka kolot tah ieu hasil tarekah kuring, bari sawareh duitna kop ku kuring dibikeun dina rangka hayang babakti, sawarehna deui bisa dipake ngajajanan babaturan, dua mahasiswi UPI, bari jeung teu loba-loba oge da atoh karasana. Pisan eta hirup karasa produktif, galungan jeung sapopoe. Tapi teuing samet iraha, sumanget kuring endeur. Sagalana sarba teu eces deui jang naon kuring ngalakonan nu kitu deui jeung kitu deui teh, tepi ka ayeuna.

Na kuring aya duriat di ieu tempat ka salah sahiji alamat? Kacida burungna mun heeuh! Jigana kuring kudu ngeunteung deui; na kuring boga naon, neang-neang nu mahiwal?! Leumpang masih can aya saparapat galur, geus meunang naon! Tingali kertas portofolio kahirupan, na geus bolokot ku daptar prestasi?! Teu ecreug mun ngandelkeun comel aksara mah, da hirup teh lain saukur tulas-tulis. Kurung batok mun teu bisa neang buruan nu liyan, matak pantes kahayang nuluykeun kuliah tara pernah kalaksana, da teu gableg kabisa jeung kahayang neang cara.

Ayeuna kuring geus nyoba merdeka tina kahayang nu teu mantes dina umur nu teu walakaya nahan beban eta rasa. Rasa naon? Duriat pipanyakiteun. Naon sabab, kusabab moal salilana nu boga tujuan di hiji perjalanan bakal lila-lila di warteg, nu ngan saukur nginum wungkul.

Geus meujeuhna kuring mariksa deui agenda nu geus lila kaeureun. Geus wayahna nga-re-niat jeung netepkeun jugjug ahir nu kudu dibeunangkeun samemeh dipegat Izra’il di tengah jalan. Leungitkeun eta rasa jeung rumasa, sabab teu pernah diajarkeun silaing sosobatan jeung dunia kitu, kajeun engke sakalian mun geus meunangkeun dunya katut eusi-eusina, hal leutik kitu mah bisa ngilu kabeunangkeun, jeung sangkan bisa jongjon nyanghareupan poe ngabuburit dina katengtreman.

[]
Batununggal, Bandung Tengah, 16 November 2009
Wanci janari.

5494_1149296906931_1662842315_362095_7329218_a

26 Tanggapan ke “Nengetan Deui Lampah Hirup Tisaprak Datang ka Kota Kembang”

  1. lovepassword Berkata

    Alamax aku gak tahu artinya :)

  2. Kuring poho yen sagalana kakara jadi pitunggaraeun mah mun geus karasa nu ngarana hanjakal; na lain ti kamari kuring teh kitu, na lain ti semet poe eta kuring teh kieu, na eta kasempetan make diantep, jeung saterusna nu matak pianjingeun mun dipapay.

    .
    ceuk kolot tea mah hanjakal mah tara ti heula jalu …! nafsu nu matak kaduhung awak nu katempuhan.
    .
    tapi aya ketang, mapai jalan satapak nu rimbun ku ibun nu matak calana baseuh jibreg. nu kieu mah urang ku kudu nuturkeun ti tukang ngalah teu ngiluan jibreg. hartina mah urang teh kudu bisa ngentengan pangalaman batur .
    .

    jelema karek bisa ngimpleng naon sajatina tujuan manehna “a-ya” teh mun geus kateunggeul ku nu ngarana kanyataan

    .
    alus atuh ari geus kapanggih harti pait peuheurna dunya mah , ngarah engke menang anu amis jeung nu leugit moal unduh kalinduan gedag kaanginan. engke bakal kapanggih geura yen pait , amis jeung sagala rasa di alam dunya teh ngan saukur tipuan anu mungkus rasa nu sajati.
    .

    Na kuring aya duriat di ieu tempat ka salah sahiji alamat? Kacida burungna mun heeuh! Jigana kuring kudu ngeunteung deui; na kuring boga naon, neang-neang nu mahiwal?! Leumpang masih can aya saparapat galur, geus meunang naon! Tingali kertas portofolio kahirupan, na geus bolokot ku daptar prestasi?! Teu ecreug mun ngandelkeun comel aksara mah, da hirup teh lain saukur tulas-tulis. Kurung batok mun teu bisa neang buruan nu liyan, matak pantes kahayang nuluykeun kuliah tara pernah kalaksana, da teu gableg kabisa jeung kahayang neang cara.

    .
    heueuuh jalu…, urang teh kudu bisa ngukur kakujur nimbang kana awak , ceuk kolot tea mah kudu bisa nalipak maneh lantaran ari ditalipak kubatur amah nyeuri :mrgeen:
    .

    Rasa naon?

    .
    Duriat teu bisa digantian ku rupa
    Duriat teu bisa dihilian ku harta
    Duriat teu bisa di aya-aya
    Duriat datang na heunteu kapaksa
    :mrgreen: :lol: :lol:
    .
    .
    akhir eta lagu the robah jadi
    .
    .
    Asa dina pangimpian
    Urang jadi pipisahan
    Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
    Kiwari talina udar

    Urang teu bisa embung
    Najan ka gandrung sagunung
    Urang teu bisa nolak
    Najan duriat sajagat

    Urang lir ibarat wayang
    Usik malik na ku dalang
    Anu teu wasa teu weunang
    Beureum hideung kumaha dalang

    Apan hirup ngalakon
    Saperti dina sinetron
    Caritana kedah pisah
    Nya hamo bisa dipondah
    :cry: :cry:
    .
    pek geura ceurik balilihan kadinyah… :lol:
    .

    Leungitkeun eta rasa jeung rumasa, sabab teu pernah diajarkeun silaing sosobatan jeung dunia kitu, kajeun engke sakalian mun geus meunangkeun dunya katut eusi-eusina, hal leutik kitu mah bisa ngilu kabeunangkeun, jeung sangkan bisa jongjon nyanghareupan poe ngabuburit dina katengtreman.

    .
    ceuk kolot tea mah dunya teh lir ibarat kalangkang, di udag kabur leuwih tarik, urang cicing manehna malah ngiluan cicin .
    .
    nu pokok na amah urang kudu nyaho anu sajati ngalah dunya bisa kaharti jeng kacekel.
    .
    sok atuh ayeuna mah geura singkil deui jalu , tenjo tuh panon poe bari jeung dangah kaluhur. mun bisa mah tewak tuluy asupkeun kana jeuro dada maneh. :evil:
    .
    asa teu mantes budak ngora rentas pangharepan , jeung lempeyeu siga kitu , ceunah ceuk beja mah lantaran di seureud ku bikang duuuh meuni pikawatireun teuing :mrgreen: :lol:
    .
    Ari rumasa jadi jalu mah . kudu jadi lalaki langit lalanang jagat . tah kitu jalu….!

    • Duh, pirang-pirang hatur nuhun Apa, peupeujeuhna mangpaat pisan. Tur bingah abdi mendakan gening ieu pucung diri direspon sakitu pasna, leres dina nohokna, ku papada nu gaduh warisan sunda deuih, hatur nuhun pisan. Seeur-seeur masihan wurukaneun ka jalmi sapertos abdi, Apa, anu masih uteuk tongo, tapi kadang kahayang gajah. Sakali deui hatur nuhun, enya ku abdi bakal diemutan.

  3. Hayah… di sini lebih parah. :?

  4. Mentang-mentang orang Sunda, nulis di blog juga pakai bahasa Sunda. Rasis amat!
    Sekalian saja dirikan Negara Republik Sunda.

    • Kami yang peduli budaya hanya ingin melestarikan dan bangga dengan budaya leluhur kami…bukan karena narsis atau raris, bahkan keprihatinan akan generasi yang malah menjunjung tinggi bangga akan budaya luar.
      Kalau bukan kami siapa lagi, masa malah orang barat yang mengagumi budaya leluhur kita, bukankah itu memalukan!

  5. ^
    .
    hualaah kalau saya liat2 darah pemilik blog ini darah orang jawa :lol: , sok aja anda ajak ngomong jawa kalau kebetulan anda orang jawa pasti dianya akan nyengir :mrgreen:
    .
    justru saya ini salut sama pemilik blog ini , ibarat kata pepatah dimana bumi di pijak disanalah langit di jungjung
    .
    saya komen pake bahasa sunda karena dia nulis pake bahasa sunda, itu artinya dia menghargai bahasa sunda, bahasa leluhur saya. nah orang menghargai leluhur sudah barang tentu saya akan jauh lebih menghargai orang tersebut. :D
    .
    hehehe … orang sunda ama orang jawa itu sudah ada jauh sebelum republik indonesia tercinta ini berdiri bung, bahkan mereka berdua punya sejarahnya masing2 ketimbang republik ini yang usianya baru seumur jagung , mungkin karena cinta aja kalee :mrgreen: , keduanya memilih menjadi bagian dari republik tercinta ini, gimana sih bung ini… :lol:

  6. *ga ngerti bahasa Sunda euy :cool: *

    Ngomong-ngomong Jawa VS Sunda, konon ada sentimen ke-Sunda-an Vs Ke-Jawa-an, yang dilatar belakangi peristiwa paregreg, Dyah Pitaloka, Hayam Wuruk, Gajah Mada, intinya .. Rakyat Galuh Vs Rakyat Majapahit. :)

  7. nah pan…
    jadina perang bubat kababawa…

    ieu mah masihan terang wungkul, yen “Pre mis” teh dina link-na mah geuning eta teh anu gaduh ieu blog…

    teu kedah ngadirikeun nagara sunda, eta we robih propinsi jawa barat janten propinsi pasundan
    kumaha kitu? satuju teu?

    eh, tapi jarang2 ning aya generasi muda henteu ngarasa era nulis ku basa sunda

    • ieu mah masihan terang wungkul, yen “Pre mis” teh dina link-na mah geuning eta teh anu gaduh ieu blog…

      Teu leres. Margi sasaha oge tiasa wae nyisipkeun link sagawayahna, henteu jalaran link-na blog ieu, tuluy otomatis anjeunna pemilik blog ieu, henteu, janten eta jalmi nu duka saha, mung hoyong ngadamel perkara wungkul, katingal tina komentarna nu pikaisineun, kan upami teu sanggem maca basa sunda mah kajeun teuing teu seeur carita tibatan nga-e-era diri nyalira. Leres?

      Abdi nu nyepeng ieu blog, tengetan ieu nickname frozen, pami kirang yakin sumangga tingal halaman Tentang Pemegang Blog, atanapi di postingan-postingan nu sateuacanna.

      eh, tapi jarang2 ning aya generasi muda henteu ngarasa era nulis ku basa sunda

      Punten?
      Har, na kedah isin sagala? Teu waras pisan. Jujur teu waras pisan pami aya nu gaduh logika kitu, yen sing saha jalmi bakal isin nganggo bahasa daerahna. Mun abdi mendakan jalmi kitu di payuneun abdi, sumpah ku abdi disebut TOLOL! Sanesna kedahna generasi muda teh isin upami teu tiasa nyarios dina bahasa lemburna?

      Hatur nuhun.

      • oh sumuhun… sumuhun….
        upami kitu mah panginten sim kuring nu lepat…
        :)
        janten saha wae tiasa nganggo link-na-nya….
        punten atuh,
        mugi kalepatan sim kuring teh tiasa dihapunten…

        teuteurang atuh tolol atanapi henteu-na mah,
        nanging da kapungkur ge, boroning basa sunda,
        upami aya nu diajar maen angklung teh apanan disebatna kampungan….
        ayeuna soteh pada ribut ngaributkeun angklung…
        pedah angklung diaku ku malaysia….

        sami nuhun…
        :)

      • @ etikush

        Teu aya nu kedah dihapunten, Teh. Sami-sami diajar.

        teuteurang atuh tolol atanapi henteu-na mah,
        nanging da kapungkur ge, boroning basa sunda,
        upami aya nu diajar maen angklung teh apanan disebatna kampungan…

        Ulah kirang-kirang hapunten bilih eta kata nu ku abdi nganggo karaos kasar pisan, tapi da kumaha deui, pami sanes urang sunda nyalira nu mekarkeun basa daerahna, bade ku saha deui, matak rumaja ayeuna kedang digeuingkeun deui ihwal pentingna ngarumat ieu budaya warisan karuhun. Ngawitan tina bahasa heula we, Insya Allah ka payunna bakal aya katresna kana sadaya kasenian sejenna nu dipigaduh ku budaya Sunda. Toh abdi oge nuju diajar deui ti kanca hiji.

        Salam tepang.

  8. [salam hangat penuh kasih]

    saban manusa pasti baris manggihan titik bosen. sakapeung, urang henteu bisa migawé loba.tapi, urang bisa ngarobah bosen jadi gumbira, jeung jalan ngarobah ‘cara’ ngarasakeun hirup. usaha ngarobah kahirupan éta hak manusa, soal hasil éta hak Pangéran

    *sungguh, saya sebagai putra daerah ranah parahiyangan, mesti dan harus belajar bahasa sunda lagi, siganamah nu punya blog ieu tiasa ngajar sim abdi kan? hehehehe, itung-itung amal, :-)

  9. muhasabahmu…
    janten emut yen abi oge mung ukur ngumbara..
    dugi ka iraha?
    bade ka mana?
    naha jalan panjang teh aya tungtungna atanapi bakal aya pengkolan nu ngarobih hirup ayeuna?.

  10. Musuh Fietria Berkata

    Admin Blog

    Saya tahu mas membenci Fietria. Saya ingin menawarkan kerjasama untuk memblokir blog Fietria yang baru serta memakai nama Fietria untuk berkomen.

  11. Lama ga silaturahim ke sini. Saya ga ngerti bahasa Sunda, jadinya ga bisa komen yg match sama postingannya.
    Saya baca postingan lamanya aris berjudul Menjawab Fitnahan Blog Fietria… Meski selama ini ga ngikutin gimana konflik terjadi krn keterbatasan waktu tuk bw, tetapi saya bisa memahami koq.
    Nampaknya fie salah paham dari awal, lantas bereaksi hebat. Cewek yang teramat sensitif nampaknya. Saya salut empunya blog ini menjawab secara baik. Hanya saja, mungkin fie tak kunjung paham juga. Karena mencerna setiap kalimat yang terbaca juga butuh kejernihan pikiran. kalau bacanya sambil emosi, bawaannya bakal tersinggung aja.
    Banyak hikmah yang bisa dipetik. Tentunya ini menjadi pelajaran berharga bagi siapapun. Termasuk diri saya sendiri.

  12. Ini juga kaya postingan bahasa Arab:

    Subhanallah!
    Masya Allah!
    .
    .
    .
    Ane tiada faham… Selain sikit su’ujon: Ini pasti soal bogoh-bogohan. Saha eta namina, Projen? Tina Talisa?? Aheuuyy… Tina Talisa euuuy… Eta awewe emang geulis pisan… sluurppp…

    *minggat*

Tinggalkan Balasan